B. Daerah

Pertanyaan

Teangan Harti jeung contoh kalimah ieu paribasa jeung babasan dihandap:
1. Jauh Ka Bedug
2. Beurat Birit
3. Panjang leungeun
4. Ceuli Lentaheun
5. Amis Budi
6. Hade gogog hade tagog
7. Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak
8. Katempuhan buntut maung

1 Jawaban

  • Babasan jeung paribahasa teh mangrupakeun pakeman basa. Pakeman basa nyaeta kalimah atawa kekecapan anu miboga susunan anu geus maneuh sarta harti anu geus maneuh oge. Babasan kekecapana parondok, biasana ngan dua kecap sarta ngandung harti injeuman atawa harti kiasan. Babasan umumna ngagambarkeun pasipatan jalma saperti beurat birit, jauh ka bedug, jeung sajabana ti eta.

    Sedengkeun paribasa mah kekecapanana leuwih panjang tibatan babasan. Paribasa biasana miboga harti anu leuwih jero, aya paribasa anu eusina mangrupa piwuruk, atawa aya opge paribasa anu eusina pikeun picontoeun atawa pieunteungeun, saperti hade gogog hade tagog jeung katempuhan buntut maung, jeung sajabana ti eta. Di handap ieu nyaeta harti jeung conto kalimah sawatara babasan jeubg paribasa nu aya dina basa Sunda :

    1. Jauh Ka Bedug hartina dusun, bodo, euweuh kanyaho, conto kalimahna "Si Bedu mah teu sakola jadi jauh ka bedug".

    2. Beurat Birit hartina hese dititah atawa kedul, "Maneh mah beurat birit, hese pisan ari dititah ku kolot teh".

    3. Panjang leungeun hartina sok resep puak-paok, "Si Eta mah panjang leungeun, kudu ati-ati sok resep pisan kana barang batur teh"  

    4. Ceuli Lentaheun hartina resep ngadengekeun kagorengan batur, sok gancang nyaritakeun ka batur naon bae anu kadenge, turtaning tacan karuhan eta beja teh bener henteuna, "Ari ngadenge sagala beja teh ulah sok ceuli lentaheun, hayoh wae dibeja-beja deui ka batur, pan henteu unggal beja pasti bener"

    5. Amis Budi hartina someah, berehan, hade paroman, "Nyi Iteung mah amis budi, ka sasaha teh sok seuri wae"

    6. Hade gogog hade tagog hartina jalma sopan, hade basa jeung hade tingkah lakuna, "Anak pa lurah mah hade gogog hade tagog, maklum atuda sakolana oge luhur jeung pinter deuih".

    7. Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak hartina sauyunan, "Boh jeung dulur boh jeung tatangga teh kudu ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak, supaya urang sarerea hirup tengtrem".

    8. Katempuhan buntut maung hartina batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna; katempuhan ku kasalahan batur, "Mang Sanif teh karunya katempuhan buntut maung, ari tadina mah niat rek tutulung tapi kalahka manehna anu jadi susah".


    Kategori Soal : Bahasa Sunda - Pakeman

    Basa Kelas : - (SMP)

    Kata Kunci : Paribasa, babasan, pakeman basa

Pertanyaan Lainnya