Jieun kalimah anu make gaya basa kadalon tina kecap tina kecap ieu di handap! A. Naek B. Mundur C. Lumpat
Pertanyaan
A. Naek
B. Mundur
C. Lumpat
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Gaya basa kadalon nyaeta gaya basa anu ngagunakeun tambahan kecap katerangan anu sabenerna mah eta kecap keterangan teh henteu perlu sabab geus jelas. Gaya sok disebut oge gaya basa pleonasme. Ngagunakeun gaya basa dina tulisan atawa karya sastra teh tujuanana nyaeta pikeun jadi mamanis basa sangkan kekecapan jadi alus atawa endah.
Pembahasan
Pikeun ngajawab pananya di luhur, di handap ieu nyaeta conto kalimah anu make gaya basa kadalon tina kecap anu disebutkeun:
1. Naek ka luhur, "Ari ngabenerkeun kenteng teh kudu naek ka luhur atuh, ulah ngan hajoh wae diajulan ku gantar"
2. Mundur ka tukang, "Eta mobil teh kudu mundur ka tukang saeutik supaya kuring bisa ngaliwat"
3. Ngabecir lumpat, "Amir sanggeus dibere duit mah langsung ngabecir lumpat".
Pelajari lebih lanjut
1. Naon nu dimaksud gaya basa kadalon https://brainly.co.id/tugas/1655537
2. Conto kalimah anu make gaya basa kadalon https://brainly.co.id/tugas/5625337
3. Gaya basa dina kawih https://brainly.co.id/tugas/11305405
------
Detil Jawaban
Kelas : IX
Mapel : Bahasa Sunda - Pakeman Basa
Bab : 3
Kode : 9.13.3
Kata Kunci : Gaya basa kadalon, gaya basa