B. Daerah

Pertanyaan

jiun kecap pagawean,kaayaan,barang dina kata ka-an

1 Jawaban

  • 1. Kecap pagawean anu make imbuhan ka-an jadi kecap pagawean pasif, saperti kanyahoan, karacunan. Conto kalimahna : Kamari aya lima orang anu karacunan ku sampeu.
    2. Conto kecap kaayaan nu make imbuhan ka-an saperti kaamisan, kaasinan. Conto kalimahna : Atuh eta nyieun cikopi teh ulah kaamisan teuing atuh.
    3. Conto kecap barang anu make imbuhan ka-an saperti kamajuan, kanyataan. Conto kalimahna : Ari pambangunan teh kuduna mah ditujukeun pikeun kamajuan urang sarerea, lain ngan saukur pikeun sakelompok jelema wungkul.

Pertanyaan Lainnya