B. Daerah

Pertanyaan

jieun masing masing 5 kecap tina huruf e` ,eu, jeung e tur laparkeun kana kalimah !

1 Jawaban

  • A. péndék, pendék, sapéda, nyaéta, naék.

    1. Antonim tina kecap péndék teh nyaéta panjang.
    2. Sedengkeun antonim tina kecap pendék nyaéta jangkung.
    3. Kuring sanggeus sakola di SMA unggal poe indit ka sakola naék sapéda.
    4. Hartina kecap hideung dina basa Indonesia nyaéta hitam.
    5. Harga emas teh ayeuna mah keur naék deui, sanggeus salila saminggu kamari turun terus.

    B. peupeujeuh, seureudeug, keukeuh, hideung, lindeuk.

    1. Umpama balik ka lembur peupeujeuh pisan kuring pangmeulikeun baju batik nu alus.
    2. Ari naek motor teh ulah sok seureudeug bisi matak ngabahayakeun ka hidep jeung ka batur.
    3. Sanajan geus diolo oge eta keukeuh wae manehna teh embungeun milu diajak balik ka lembur.
    4. Aya mojang lenjang nu hideung santen ngalangkung ka payuneun bumi.
    5. Eta anjing teh ari ka anu bogana mah lindeuk pisan kacirina teh, teu siga ka anu teu wawuh.

    C. hideng, keyeng, nepi, merenah, kecap.

    1. Ayeuna mah manehna kacirina teh geus rada hideng, teu siga baheula keur leutik kabisana teh ngan ceurik jeung ceurik wae.
    2. Tuh geuning ari ku keyeng niat jeung usahana mah sagala maksud teh bisa kalaksanakeun tur nyugemakeun.
    3. Umpama geus nepi ka imah peupeujeuh nya ulah poho kuring bejaan.
    4. Sok atuh nempatkeun parabotan imah teh sing merenah, ambeh alus kacirina.
    5. Dina basa Sunda mah aya kecap anu halus jeung kecap anu kasar.

Pertanyaan Lainnya